Ruwat Bumi


“ ADAT ISTIADAT RUATAN BUMI”
( Hajat lembur , syukuran lembur )

Dina harti Bahasa sasangkerta ,Ruatan = kasalametan , bumi = bumi alam katut pangeusina . ngandung harti = hayang salamet nu nyicinganna, hayang salamet nu di cicinganna , ulah kana ku ajab, musibah ti ALLAH SWT . jadi urang wajib tasyakur , tapakur , tadakur kanu nyiptakeun bumi, langit katut kanu pangeusina nyatana ka ALLAH SWT, ku ngalaksanakeun parentah ngajauhan cegahanana , iman + takwa kalayan ngadu’a ka ALLAH SWT para karuhun anu ngabak ngebur ngawangun lembur , nyusuk solokan , mgabedah sawah , nu tos aya di alam kubur mudah – mudahan ayana di alam kubur , sing di caangkeun alam kuburna , di legakeun alam kuburna , di hampura dosana , di tetepkeun iman islamna , di terima amal ibadahna , di hampangkeun siksakuburna , kenging sapaat ti kanjeng nabi muhamad SAW,. Amin ya robbal allamin . ku urang katarima jasana nyaeta numimiti ngebak ngebur ngawangun lembur, nyusuk solokan ngabedah sawah pkeun hirup jeung kahirupan, terus diwariskeujn ka anak, incu, buyutna , nyaeta urang sadaya.
“RUATAN BUMI “
Pupuh dangdang gula
Rasa ayukur kanu maha syuci
Urang sumerah kanu kawsa
Amal ibdah anu hade tuntunan kanyjeng rosul
Anu jadi kakaih gusti
Nu jadi tauladan
Bagja urang hirup
Urang salamet hirup dunya aherat
Mibanda amal hakiki
Islam jadi pedoman

RUATAN BUMI
Istilah masing – masing daerah :
1.      Hajat lembur
2.      Syukuran lembur
3.      Mapang hujan = ti usum halodo ka usum hujan
4.      Ngabeungkat = naeukeun cai ti walungan ka solokan
5.      Mapag sri = arek usum panen
6.      Pesta laut = ngala lauk ti laut keur hirup kahirupan 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Post Top Ad

Your Ad Spot

Halaman